Rabu, 15 Februari 2012

sungkeman

LIR RESPATI BUMIDAYA

Sungkeman ka IBU
Duh…Ibu anu kuabdi dipunjung satutup umur.
Kanggo abdi suda pibasaeun anu payus dipiunjuk ka Ibu.
Ti kawit abdi dialam rahim dugi kaluminjing dialam lahir.
Abdi anu saestu mung bobot anu ngabotkeun kakersa ibu.
Siang wengi abdi dijaga, wengi abdi diaping didama-dama ku du’a.
Dinten ieu abdi kasaksen kusadaya anu nyakseni.
Abdi kenging anugrah illahi robbi anugrah jodo pidu’a Ibu.
Ibu cipanon abdi cipanon ku karumaosan cipanon karisi ati
hate geusan ngedalkeun rasa syukur ka hadirat illahi robbi anu maparin jodo ka mustikaning ati.

Sungkem ka Rama
Duh Bapa sembaheun abdi.Cukang lantaran gumelar.Nampi nuhun laksa katon.Katresna neda widina.Sumeja sungkem sumujud.Puji syukur kayang agung.Ka illahi maha suci.Mugi Gusti nangtayungan.
Kasugri anu kumelip.Mugi Gusti ngahapunten.Ka dosa-dosa sim abdi. Mugi Gusti welas asih.Ka pun Biang sareng pun Bapa.

Ti Ibu Rama ka putra/putri
Duh anak Ibu rama. Nugeulis pupunden ati.  
Bade rendengan.Jatuk rami pangantenan.Muga rahayu mulus bangles.
Salawasna jembar panalar.Sing salamet lahir batin.
Bral anaking miang laki rabi jajap ku du’a. Sing waluya awet jodo, sing sugih kuasih illahi robbi.Sing beunghar kuharta, sing jegud ku elmu, sing alus mulus turunan, sing sabilulungan jeung dulur, sing hade ka caroge, sing heman kabaraya, sing galimet jeung kuring leutik, sing hormat ka purwa kalih pamedaling diri, sing gumati kapapagon illahi, ulah tinggaleun ibadah……Bral anaking miang laki rabi tur janik dunya aherat. Bral geura jengkar.Mapay tapak lelembutan.
Deuk sauyunan.Jeung………panutan……Silih eledan.Silih simbeuh ku kaasih.Sakulawargi ngadu’akeun.Beurang peuting.

Tidak ada komentar:

TRIK DAN SARAN

ADA KELUHAN ATAU PERTANYAAN?

TINGGAL ISI FORUM DI BAWAH INI.

foxyform

    • Popular
    • Categories
    • Archives